Friday, January 14, 2005

who....

Saha eta nu ngagupayan?
Wanci panonpoe burit,
Wayah barangrep,
Surup sarepna
Nu ngagupayan jiga kalakay,
Ngajak neang enjing
Milipir wengi,
Mapay poek jeung tiris,

Aya nu nyaluk, gugupay,

Neang naon?
Isuk teu kudu di teang
Teu kudu diudag
Datang sorangan
Sakalian mawa wanci
Mawa wayah

Saha eta nu ngagupayan?
Naha bet teu kenal?
Naha geuning teu wawuh?
Keukueh ngajak balik
Mulih ka enjing

Wengi,
Wancina jurig jeung demit

Saha eta?
Naha meni ku keukeuh
Nyaluk ngaran
Ngageroan jeneng
Jiga nu kenal
Kawas nu wawuh
Lami.
Saha eta?
Geuning jiga ti jauh?
Kawas ti kapungkur?
Kawas sora nu kapireng
Wanci peteng
Wayah dongeng ibu sareng apa
Dibarengan mepende ku nelengnenggu g
Geura gede geura jangkung
Saha eta ?
Jiga sora nu ti baheula
Nu ngagerentes sapanjang jalan
Nu nyarengan sapanjang neang nu HIJI
Nu ngagupayan,
Masih nyaluk tambah tarik
Ngajak eling jalan
Nu poek peuting
Ngajak inget ka enjing
Nu ngantosan tur kudu diteang
Saha eta nu terus ngagupayan?